Sabtu, 06 Desember 2014

Makalah Wawacan



PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru anu judulna “ WAWACAN”.
 Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana.
            Medalna ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa Sunda hususna di SMA PGRI Naringgul. Eusi ieu makalah museur kana tujuan supaya mikaweruh wawacan sunda di tatar sunda anu mangrupakeun kabudayaan luhung urang sunda.
            Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus kanggo sim kuring saparakanca
umumna kanggo sadayana anu maca ieu makalah. Oge tangtos wae dina ieu makalah masih seueur keneh kakiranganana, kuayana kitu mugi ulah kirang-kirang ngahapunten.

                                                                                    Naringgul, 18 Agustus 2014
Penyusun

Kelompok








DAFTAR EUSI
PANGJAJAP …………………………………………………………………

DAFTAR EUSI ………………………………………………………………

BAB I
BUBUKA…………………………………………………………


A.
Kasang Tukang……………………………………………………


B.
Rumusan Masalah………………………………………………...


C.
Tujuan……………………………………………………………..





BAB II
PEDARAN………………………………………………………..


A.
Harti Wawacan ………………….


B.
Ciri-ciri Wawacan


C.
Sajarah Wawacan………………………………………………


D.
Conto Wawacan…………………………………………….





BAB III
PANUTUP………………………………………………………..


A.
Kacindekan……………………………………………………….


B.
Saran …………………………………………………………….





Daftar Pustaka………………………………………………………………..








BAB I
BUBUKA
A.    Kasang Tukang
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta wawacan . Wawacan lamun ditilik tina wanguna, mangrupa naskah Sunda anu mangrupa carita (naratif) ,karéréanana mah dianggit dina wangun puisi dangding (pupuh) anu katelah wawacan tea. Ari anu kasebut wawacan, lolobana mah paranjang, tepi ka ratusan kaca.
Wawacan kiwari ampir tinggal ngarana malahanmah arang langka jalma anu apal kana wawacan khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana wawacan. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana wawacan anu mangrupakeun budaya aheng anu aya di tatar sunda..

B.      Rumusan Masalah
Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :
a.                    Naon hartina wawacan ?
b.         Naon Ciri-cirina wawacan?
c..        Kumaha sajarah wawacan ?
d.                  Nu kumaha contona ari wawacan  ?

C.     Tujuan
Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh kanu maca, utamana kanu teu wanoh kana karya sastra sunda wawacan. Aya oge tujuan hususna nyaeta :
a.                   Nganyahokeun  hartina wawacan ?
b.         Nganyahokeun naon ciri-cirina wawacan?
c..        Nganyahokeun sajarah wawacan ?
d.         Nganyahokeun kumaha contona ari wawacan  ?



BAB II
PEDARAN
A.    Harti /Wangenan Wawacan
Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun pola pupuh. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak.

B. Ciri-ciri Wawacan
            Circiri wawacan nyaeta:
1.      Wawacan téh nya éta mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh.
2.      Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.
3.      Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui.
Tadi geus disebutkeun yén maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké. Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna Sumanget Anyar: Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Sastra Sunda Abad ka-19 (2005), Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu mmaca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".
C.       Sajarah Wawacan
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.

Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi ( Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jsb ), babad ( Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jsb ) , nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran.  Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti : Wawacan Rengganis, Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan Dewa Ruci,

D.          Conto Wawacan
WAWACAN KEAN SANTANG
// Bismillahirrahmanirrahim
I. PUPUH DANGDANGGULA
1.    Dangdanggula jadi tembang kawit, pamedaran wewengkon samada,
tegesna yén samada téh, riwayat karuhun,
karuhun anu berbudi, katampa ku bujangga,
bujangga nu luhung, ari tegesna bujangga,
anu sidik wewengkon karuhun surti, wali serta ulama.

2.   Anu matak aya kaol deui, ditampanan ku ki bujangga,
rajeun henteu sapagodos, sababna nu matak kitu,
saupama kai maranggi, pada boga karangan,
euweuh nu teu lucu, pinter téh rajin ngaranna,
percéka hasil maksud lain kidib, tara hianat jeung kitman.

3.   Saéstuna amanatjeung tablig, sidik bener amanat percaya,
ngadatangkeun anu saé, hukum nu bener punjul,
bener tina lobana kawi, da ari kebatna mah,
éta kénéh hukum, saperti mungguhing gajah,
sipat sato aya hulu buntut deui, tapi ngaranna mah gajah.


4. Hulu gajah buntut suku deui, éta gajah minangka bujangga,
papada lobaning kaol, mangga manah saéstu,
nya bujangga nya musanip, antukna mah satunggal,
anu matak kitu, loba kaolna bujangga,
pertawis ilmu yang widi sugih, henteu aya upamana.
5. Réa pisan anu jadi manis, dongéng pikeun purwaning carita,
wiwitan anu kacarios, amung ampun tabé pun,
wiréh ngadamel sim kuring, lain maksa bumisa,
wiréh tanpa guru, atawa nyanyahoanan,
tobat pisan manawi sulaya pikir, mugi ageung hampura.

6. Margi yaktos kaleresan kawi, saéstuna ieu téh sajarah,
mugi diwuwuhan baé, mujijat Kangjeng Rasul,
dipadangkeun nya birahi, ti nu geus kenging rahmat,
agung nya panuhun, ditarima kumawula,
mugi-mugi dijauhkeun nya balai, dongkap rijki sareng rahmat.

7. Mugi asih sanak kulawarga, kitu deui mugi katetepan,
tekad anu leuwih saléh, ka sadaya dulur-dulur,
moal pegat rék pancakaki, tunggal Adam jeung Hawa,
teu pisah karuhun, mana abdi nurut hibar,
ka sadaya wargi-wargi, miwah ka para juragan.

8. Lahiriah kaulaning gusti, abdi seja nyalindungkeun awak,
saking ku raos bodo, dunungan abdi nu agung,
hirup ka tungkul ku pati, paéh teu nyaho nya mangsa,
pirang-pirang nuhun, ka Gusti nu sipat rahman,
sareng deui nyaéta nu sipat rahim, mugi Allah ngahampura,

9. Salajeungna ieu nu ngagurit, nyaritakeun ratu nu baheula,
aya sahiji karaton, ngabawah para ratu,
nama Prabu Siliwangi, pakuan Pajajaran,
yén karaton baru, jadi Pakuan kadua,
dua nagri karatonna nu kahiji, Pajajaranséwu téa.

10. Nu kadua  nelah Majapahit, nu ngaraton Prabu Hariangbanga,
Pajajaran wétan karaton, damelna waktu keur pupuh,
sami merbu raka jeung rai, hiji mangsa di Pakuan,
gaduh putra pamuk, jenengan Gagak Lumajang,
kagagahanana taya anu tanding, lir panah tajimaléla.

11. Enggeus mashur yén sapulo jawi, samalahan Pajajaran wétan,
Majapahit enggeus kawon, sanggeus jumeneng pamuk,
enggeus taluk kabéh parajurit, taya nu nyangga puliya,
kagagahan Lumaénama, wakil rama sanggeus jadi sénapati,
nama Prabu Kéan Santang.

12. Salamina jadi sénapati, henteu terang di getih anjeunna,
jiga kumaha rupa téh, pesen liwat langkung,
anu jadi ciptaan galih, palay getih anjeunna,
sakitu nya maksud, siang wengi ngan ngamanah,
anu matak kitu manah anu lantip, tacan wareg ngalaga.

13. Lian kitu henteu kapigalih, yuswa anom teu palay garwaan,
taya kapetolan kabéh, mendak agama Hindu,
mangsa harita di Jawi, yén aya agama Islam,
malangmang-mulungmung, Pangéran Gagak Lumajang,
henteu kinten manahna takabur ati, pésen getihna sorangan.

14. Saumurna teu terang di getih, getih dina jero salirana,
nu matak teu uninga ogé, saking ku tina pamuk,
henteu teurak ku pedang keris, énggalna Gagak Lumajang,
harita keur lungguh, di payuneun Prabu Pakuwon,
Siliwangi mariksa alon jeung manis, Radén Gagak Lumajang.

15. Ari Ama téh nanya anu yakin, pasemonan Radén kawas anu susah,
coba Ama geura walon, naon anu dianggo ngangluh,
bisi palay putri geulis, entong dipaké kasusah,
radén anu gaduh, sumawonna palay ngaraja,
kapan eukeur ku Ama dijieun wakil, najan kabéh para raja.

16. Beunang Radén nalukkeun perjurit, Anu matak Radén meunang nama,
Prabu Kéan Santang ogé, Pangéran Gagak Lumayung,
nu ngauban sa-Pulo Jawi, matak Gagak Lumajang,
perjurit nu punjul, saking ku sanget istijraj,
cedok nyembah Gagak Lumayung ka Gusti, kinanti unjukan terang.

II. PUPUH KINANTI
1. Unjukan Gagak Lumayung, kaulanun Rama Gusti,
kang putra sanés ku éta, lain hayang gaduh rai,
lain hayang jadi raja, dalahna milih sim abdi.

2. Jadi sénapati pamuk, ayeuna lirén ngajurit,
jadi alang-kumapalang, ceta seubeuh maju jurit,
susah hayang mendak lawan, sinareng jisim abdi.

3. Saumur gumelar hirup, pésen ka gusti pribadi,
teu terang getih sorangan, cindekna piunjuk abdi,
ayeuna neda mupakat, pikeun pimusuheun abdi.

4. Prabu Siliwangi nyaur, ka Rahadén Arga Patih,
héy ayeuna Patih Arga, kumpulkeun nujum nu sidik,
sarawuh jeung para raja, anu teguh parajurit.

5. Aya euweuhna nu pamuk, unjuk sumangga Dén Patih,
parantos timbalan angkat, anggalna lampah Dén Patih,
sakabéh nujum geus dongkap, sakur nu aya di nagri.

6. Marek kabéh para nujum, énggal Prabu siliwangi,
terus mariksa harita, ka sakabéh nujum sidik,
jeung sadaya para raja, geus pada marek ka gusti.

7. Ayeuna ménta pituduh, ieu di wewengkon Jawi,
dikira saha jalmana, nu patut ngayonan jurit,
jeung saha nu unggul laga, ngéléhkeun perjurit kami.

8. Nya Radén Gagak Lumayung, geura seug nujum ka kami,
ki nujum tungkul sadaya, nujum  sami pada mikir, 
sarusah arék unjukan, ku sabab tacan kaéling.
9. Kocap aya hiji nujum, milu campur nyiliwuri,
henteu wawuh jeung nu réa, nyaéta Malak Jabrail,
bari nanggalkeun lantaran, heug unjukan aki-aki.

10. Sumuhun dawuh Sang Prabu, ari émut sim abdi,
ngoréhan di Pulo Jawa, tangtu moal aya tanding,
nu ngungkulan tuang putra, Prabu Kéan Santang Aji.

11. Ngan aya ogé geus tangtu, pilawaneun putra Gusti,
ngan sanés di Pulo Jawa, ayana di Mekah nagri,
jenengan Ali Murtada, Bagénda Ali bin Tolib.

12. Amung tebihna kalangkung, ayana di puseur bumi,
Pulo Mekah Nagri Arab, malah ceuk sakaol deui,
geus kasebut macan Allah, amung sareng putra Gusti.

13. Itu-ieu tacan tangtu, nu ungggul nalika jurit,
duka mana anu kalah, ngan geus tangtu mendak tanding,
sakitu abdi unjukan, kagét  Prabu Siliwangi.

14. Ngadawuh deui ka nujum, terangkeun baé sakali,
tiap maneh bisa norah, pikawoneun kitu deui,
tangtu kapanggih ayeuna, coba seug sebutkeun deui.

15. Mana anu baris unggul, mana anu baris sisip,
ki nujum barang dipaksa, teu kanti unjukan deui,
les leungit ilang musna, ti payuneun Siliwangi.

16. Ratu kagét jeung para nujum, ka mana ceuk Siliwangi,
para nujum arunjukan, duka abdi teu tingali,
malah henteu wawuh pisan, eujeung éta aki-aki.

17. Samalah waktuna campur, jol sorangan nyiliwuri,
ari abdi kabéh rempag, rempag sareng batur abdi,
nyanggakeun dikabodoan, geus teu bisa norah Gusti.

18. Hookeun Gagak Lumayung, hanjakal ku aki tadi,
énggalna Radén Lumayung, geus henteu ngisukeun deui,
unjukan harita pisan, jisim abdi neda idin.

19. Ayeuna badé dijugjug, panorah aki nu leungit,
enya hayang geura terang, mendakan Bagénda Ali,
gancang mangkat Sang Lumejang, ka luar jero nagri.

20. Amung Siliwangi Prabu, siang wengi pasang kuping,
kocapkeun Gagak Lumajang, kebat angkat leuwih gasik,
ngulon Rahadén angkatna, nyorang hiji tempat resik.

21. Pantes dianggo tumenggung, lirén dina tempat suni,
nyaeta di Hujung Kulon, lajeng muja heula calik,
paneda éta ka dewa, paneda nu mujasmedi.

22. Ka dewa ing marawolu, ka dewa asapa malih,
jisim abdi neda terang, mun yaktos di puseur bumi,
aya pikeun tanding lawan, nu ngaran Bagénda Ali.

23. Mugi paparin pituduh, teu lami waktuna deui,
aya gentra teu katingal, héy Gagak Lumayung jurit,
atawa Garantang Sétra, ayeuna panglandi kami.

24. Lain déwa marawolu, ieu kami nu ngalandi,
soara teu katingal, perkara manéh rék nguji,
nyaéta ka Nagri Mekah, ngabujeng Bagénda Ali.

25. Ayeuna yén aya di ditu, geus tinangtu manéh panggih, 
reujeung ngaran manéh pisan, ku kami manéh dilandi,
nyaéta Garantang Sétra, tegesna sétra beresih.

26. Tegesna Garantang maksud, tangtu papanggih jeung suci,
helos manéh geura iang, kebatkeun saniat tadi,
Gagak Lumayung ngoréjat, ti Hujung Kulon geus indit.

27. Geus sumping ka sisi laut, Radén teu kandeg ku cai,
tuluy baénapak kancang, najan ngapung nerus bumi,
jadi geus taya halangan, istijraj enggeus dumadi.

28. Sigeugkeun Gagak Lumayung, eukeur ngambah di jaladri,
katunda lampah di jalan, ganti anu kocap deui,
Kangjeng Nabi Rosulullah, mangsa di Mekah keur linggih.

III. PUPUH SINOM
1. Kangjeng Gusti Rosulullah, dideuheusan para mumin,
sarawuh para sahabat, Abubakar Umar Ali,
Usman sareng Ratu Jin, sadaya pada kumpul,
anu keur barahimpun,kersana Kangjeng Nabi,
rék ngadamel tambah tihang masjid Mekah.

2. Tujuh tihang nu ditambah, harita ngan kirang hiji,
tapi Gusti enggeus mendak, tihang kuning ti Ratu Jin,
pangaosna tacan jadi, ka manahna mah geus puguh,
diparios pangaosna, nyaeta ku Kangjeng Gusti,
Ratu Ejin teu acan wantun unjukan.

3. Kangjeng Nabi seug mupakat, ka para sahabat mumin,
piunjuk para sahabat, ngiring galih Kangjeng Gusti,
Kangjeng Nabi ngalahir, gentrana manis jeung arum,
nyéta ka Ratu Jin téa, keresana Kangjeng Gusti,
rék maparin uang mas ngagaleuh tihang.

4. Hiji kaol saratus dinar, sarébu lima ratus ringgit,
ari kaol kaduana, tilu ratus dinar deui,
opat rébu lima ratus, sang raja ejin unjukan,
najan Gusti maparin uang laksana.

5. moal kasanggakeun pisan, amung paneja sim abdi,
lamun sabobotna tihang, seja ngiring jisim abdi,
sareng teu tangtos ku duit, sarupi naon baé nun,
supaya sabobot tihang, kadangu ku Kangjeng Nabi,
piunjukna Ratu Jin kersa ngiringan.

6. Kangjeng Nabi lajeng nyerat, unggel lapad bismillahi,
prak dibobot ku bismillah, hampang tihang ti Ratu Jin,
kitu éta ajaib, tihangna téh éta ngapung,
beurat ka lapad bismillah, hampang tihang ti Ratu Jin,
tihang ti jin henteu kuat ka mujijat.

7. Ratu jin suka manahna, nya kitu anu dipamrih,
Ratu Jin sujud unjukan, seja nyanggakeun sim abdi,
narima Kangjeng Nabi, ka sahabat heug ngadawuh,
isuk kabéh sahabat, Abubakar Usman Ali,
tabuh tujuh isukan kudu kumpul.

8. Neruskeun ngadegkeun téa,sertana deui ka Ali,
isuk kudu bawa tongkat, teteken ulah dék lali,
sahabat unjukan tadim, sumangga dawuh Rasul,
parantos kenging dawuhan, budal mulih para mumin,
sadayana sahabat marulih heula.

9. énggalna ieu carita, reup peuting bray isuk deui,
kocap Bagénda Ali téa, tabuh lima geus sayagi,
nyandak teteken Nabi, barangna éta rék lungsur,
sumping Malaikat Jibril, heug megatan Bagénda Ali tong waka.

10. Ulah arék waka angkat, bener jangji Kangjeng Nabi,
tabuh tujuh kudu aya, kudu geus aya di masjid,
kaula nanggel ka Ali, bilih bendu Kangjeng Rasul,
kudu geus tabuh salapan, waktuna ti dieu indit,
anu matak antara tabuh salapan.

11. sabab bakal aya sémah, tatamu ngabujeng Ali,
tatamu di Pulo Jawa, geus kudu baé  dianti, 
wayahna antos ku Ali, ngan upama enggeus tepung,
sakalian baé candak, ngadeuheus bae ka Nabi,
saupama teu dongkap tabuh salapan.

12. éta tamu henteu dongkap, Ali hadé baé indit,
lajengkeun ngadegkeun téa, sanggeus wuwuruk Jabrail,
musna harita leungit, ku Gusti Ali diturut,
ngantos tatamu nu dongkap, jeung manah Bagénda Ali,
aya manah kaduhung teu naros heula.

13. maksudna tatamu téa, Jabrail kaburu mulih,
tatapi teu sakumaha, manahna Bagenda Ali,
da beunang ku engké deui, ditaros maksud tatamu,
tatamu sumping harita, waktuna éta geus manjing,
perjangjian nya dina tabuh dalapan.

14. Harita sémah teu datang, lieuk deui-lieuk deui,
nyeri beuheung sosonggéteun, manahna téh Gusti Ali,
gaduh timburu saeutik, ka nu maparin pituduh,
palangsiang téh rancana, Syétan ngagoda ka aing, 
Gusti Ali lajeng jengkar ti bumina.

15. Barangna sumping ka jalan, di jalan éta papanggih,
jeung Prabu Kéan Santang, Kéan Santang seug ningali,
ka eta Bagénda Ali, sama tacan padaweruh,
celuk-celuk sang Lumajang, ka éta Bagénda Ali,
kieu pokna kaula Bapa dagoan.

16. Gusti Ali seug ngantosan, jeung nyandak teteken deui,
ditancebkeun kana lemah, Prabu Kéan Santang sumping,
pendak jeung Bagénda Ali, Pangéran Gagak Lumajang,
naros kieu saurna, maap Bapa kuring,
jisim kuring seja tumaros ka Bapa.

17. Neda dituduhkeun jalan, Pakuwon Bagénda Ali
éta di mana tempatna, mugi dituduhkeun kuring,
kadangu ku Bagénda Ali, kagét manahna kalangkung,
engkéAgus heulaanan, pun Bapa bet hayang seuri,
rangah-reungeuh ditaros kitu ku Ujang.

18. Kakara ieu di Mekah, sadaya // pada tingali, 17
pakuwon Ali Murtada, mung Agus anyar pinanggih,
serta Bapa teu tingali, na ti mana kutan Agus,
banjar karang panglayungan, nya baligeusan ngajadi,
saur Prabu Kéan Santang sukur pisan.
























BAB III
PANUTUP


A.     Kacindekan

Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat,
Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun pola pupuh.

B.     Saran

Tinangtos dina nyusun ieu makalah  wawacan masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng saran kanggo langkung saena  dina nyusun makalah basa sunda.























DAFTAR PUSTAKA

id.wikipedia.org/wiki/Wawacan_Sulanjana (diunggah tgl 18 Agustus 2014)
www.academia.edu/5159503/Wawacan(diunggah tgl 18 Agustus 2014)
wikisource.org/wiki/Wawacan_Gagak_Lumayung
file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND.../BAB_II_x.pdf









2 komentar:

terimakasih atas komentarnya