PANGJAJAP
Puji sareng syukur
mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na
simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun
pancen ti Bapa/Ibu Guru anu judulna “ WAWACAN”.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina
kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka
kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana.
Medalna
ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa Sunda
hususna di SMA PGRI Naringgul. Eusi ieu makalah museur kana tujuan supaya
mikaweruh wawacan sunda di tatar sunda anu mangrupakeun kabudayaan luhung urang
sunda.
Pamungkas,
mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus kanggo sim kuring saparakanca