Selasa, 29 November 2011

PARIBASA SUNDA

1
Adat ka kurung ku iga
= Tabeat nu geus hese dirobahna
2
Adean ku kuda beureum
= Ginding ku pakean/barang meunang nginjeum
3
Agul ku paying butut
= Jalma teu aya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun  
    yen manehma turunan menak
4
Asa aing uyah kidul
= Asa jadi pang punjulna
5
Landung kandungan laer aisan
= Gede tinimbangan
6
Elmu ajug
= Jalma nu bidsa mapatahan kahadean kabatur tapi
    manehna teu ngalampahkeun kahadean
7
Ngajul bulan(bentang ku asiwung
= Hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun
8
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih
= Lamun teu usaha moal boga dahareun
9
Ngalungkeun kuya ka leuwi
= Nempatkeun atawa mindahkeun pagawe ka
    lemburna
10
Teng manuk teng anak merak kukuncungan
= Anak biasana ngaka ka bapa
11
Ngeunah angen ngeunah angeun
= Pamajikan satia, ngeunah pasakana, cukup dahareun
   teu aya ka susah
12
Teu unggut kalinduan ,teu gedag ka anginan
= Ajeg tangtungan, pageuh pamadegan
13
Teu gugur teu angin
= Teu puguh alesana
14
Ngimpi ge diangir mandi
= kacida teu panujuna
15
Tacan aya nu nganjang ka pageto
= Can aya jalma nu nyaho naon nu sabenerna nu bakal
    Kajadian di akhir
16
Anjing ngagogoan kalong
= Mikahayang nu pamohalan
17
Kawas anjing tutung buntut
= Berebet ka ditu berebet kadieu lantaran samar polah
18
Paanteur-anteur julang
= Nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui kunu
   dianteurkeun tadi
19
Sapi anut ka banteng
= Awewe ngawula kasalaki
20
Asa kabur pangacian
= Kacida reuwasna, nepika teu puguh cabak
21
Nu asih dipulang sengit ,nu haat dipulang moha
= Nu nyieun kahadean di bales ku kagorengan
22
Ngaliarkeun taleus ateul
= Nyebarkeun ka gorengan batur
23
Beungeut nyanghareup ati mungkir
= Henteu terus jeung hate
24
Kudu ngukur kakujur, nimbang ka awak
= sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan
    Diri sorangan, ulah sok nahap-nahapkeun maneh
25
NGawur kasintu nyieuhkeun hayam
= Berehan kadeungeun-deungeun ari kabaraya koret
26
Ayakanmah tara meunang kancra
= Usaha modal leutik hasilna oge moal gede
27
Meungpeun carang ku ayakan
= Api-api teu nyaho
28
Bobot pangayon timbang taraju
= Pangadilan, timbangan anu adil
29
Hambur bacot murah congcot
= Mindeng nyarekan tapi berehan
30
Kawas badak cihea
= Jalma nu leumpangna noyod sigah nu degig
31
Titip diri sangsang badan
= Mihapekeun maneh, kumawuula supaya aya nu
    mere dahar jeung pake
32
Ngukur baju sasereg awak
= Hirup saeukeurna,  dina papait dina mamanis daek
    pacorok jeung batur

hapunten ah nembe sakieu gan .......kabujeng tunduh puguh oge...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

terimakasih atas komentarnya